Sisindiran Sésébréd

Leuleumpangan meuli timun

Meulina ka panyingkiran

Dari pada urang ngalamun

Mending heureuy sisindiran

….hayu atuh! Prung ah!....



Cikur jangkung jahé konéng

Lampuyang pamura beuteung

Rarasaan jangkung konéng

Sihoréng bureuteu hideung

…..éta geuning ngakunya ayeunamah….



Cau naon cau naon

Cau kulutuk di huru

Bau naon bau naon

Bau nu hitut di juru



écét écét oét oét

Barudak ngarurek belut

Kapélét kuring kapélét

Kuranda nu gedé hitut



Ngala awi dua tangkal

Ngalana bari dibedol

Hanjakal meuni hanjakal

Geulis-geulis bau jengkol



….Aduh aya nu hitut na gedé bau jengkol, diukna di juru, cung saha éta téhnya?…..



Cikaracak ninggang batu

Dina batuna aya oa

Pulang anting hanyang nyatu

Tapi éra kumitoha



Hayu aki urang ngecrik

Ulah poho mawa émbérna

Kunaon aki beut ceurik

Hayang nyusu ka ninina



…..Alah si akang jorang euy…..



Lantéra lampu lantéra

Dikumbah diberesihan

Hampura atuh ahmpura

Ngan saukur sisindiran



Boboko ayakan pétot

Papais teu dibitingan

Nini-nini nu geus péot

Diais kalah ngisingan



….aduh ari si akang nini diais?……

Subscribe to receive free email updates:

5 Komentar untuk "Sisindiran Sésébréd"

  1. melak cabe jadi cabe
    melak bonteng jadi bonteng
    melak hade jadi hade
    melak goreng jadi goreng
    alus teu euyy

    ReplyDelete
  2. kini-kini kuang-kuang getok-getok peupeundeuyan nini-nini palay tuang di bekok peupeureudeuyan

    ReplyDelete
  3. aya manuk dina pageur di sukuna aya talii lamun hayang jadi pinteur kudu getool kana ngaji

    ReplyDelete
  4. saninten buah saninten
    di bawa ka parapatan
    hapunten abdi hapunten
    bilih aya kalepatan

    ReplyDelete
  5. Buah kadu na buruan
    Lamun hayang loba batur
    Kudu akur jeung babaturan

    ReplyDelete