Sisindiran Piwuruk atawa Naséhat

Ngala kuya jeung mang Uda
Ngala hurang jeung mang Diran
Héy baraya urang sunda
Hayu urang sisindiran


Rujak cikur rujak bebek
Loba nu rék ngadaharna

Jalma nu sok gedé ambek
Bakal kaduhung ahirna

Ka Ema silaturahmi
Teu hilap nyandak seupaheun
Jalma nu alus budi
Pasti loba nu resepeun


Lamun ulin ka Talaga
Balikna sok barangbawa
Lamun urang hayang surga
Jalanna nyaeta takwa


Ka pasar mésér ragaji
Ragajina tinggal dua
Boga budak pinter ngaji
Nu reueus pasti kolotna


Ka warung meuli katuncar
Sakalian meuli jahé
Mun budak kedul diajar
Hanjakalna ke geus gedé

Subscribe to receive free email updates:

3 Komentar untuk "Sisindiran Piwuruk atawa Naséhat"

  1. pa guru : lamun ulin ka talaga
    balikna sok barang bawa
    lamun urang hayang surga
    jalana nyaeta takwa

    fitriani : daun salasih ngareluk
    di seumat ku awi beulah
    nu asih ka pada mahkluk
    di rahmat ku gusti alloh

    ReplyDelete
  2. Pa guru
    Lamun ulin ka talaga
    Balikna sok barang bawa
    Lamun hayang asup sorga
    Jalan na nyaeta taqwa

    Bella
    Ngala tutut ka talaga
    Alat na pacul ayakan
    Kitu patut hayang sorga
    solatna oge jarang pan

    ReplyDelete
  3. Lamun dayang dahar noga
    kudu daèk nya meulina
    Lamun hayang asup sorga
    Kudu getol nya solatna 😀

    ReplyDelete