Dalem Boncel



Dalem Boncél téh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeunna nuju moyan di taman kadaleman. Teu lila jol aya pangiringna, laporan.
“Aya naon, euy?” ceuk Dalem Boncél.

Pangiringna ngajawab, “Aya tamu, Juragan. Ngangkenna ti Kandang Wesi. Saurna anjeunna nuju milari putrana anu jenenganana Boncél.”

“Naon?” Kacida reuwasna Dalem Boncél téh. Gancang baé muru ka padaleman, nepungan tamuna. Ari bréh, nyampak aki-aki jeung nini-nini. Kaciri ti lemburna téh. Papakéan kacida basajanna. Awak geus kacida rangkebongna, tayohna lantaran hirup sangsara. Mamawa buntelan butut, teuing naon eusina.

Ras dalem boncél kana lalakon hirupna. Manéhna baheula kabur ti lembur, lantaran teu betah dicarékan baé ku dununganana nu sok nitah ngarit. Batan ngabatin, manéhna tuluy indit, teu bébéja-bébéja acan ka kolotna nu hirupna kacida sangsarana. Susuganan di lembur batur pinanggih jeung kasenangan.

Kaburna nepi ka Cianjur. Dalem Boncél digawé jadi tukang beberesih istal, alias kandang kuda, kagungan Juragan Kapala. Lantaran dalit jeung budak Juragan Kapala, tur disina ngabaturan mun keur diajar, Dalem Boncél nepi ka bisa maca jeung nulis. Malah bisa nyieun surat sagala.

Nempo kapinteranana, Juragan Kapala ngangkat Dalem Boncél jadi juru tulis. Dasar nasib kudu mujur, karirna tuluy nanjak, jadi kapala gudang, jadi patih, malah antukna jadi dalem di Caringin.

“Ke, ke, ke...,” kitu gerentes Dalem Boncél.

“Bisa jadi ieu téh indung bapa aing nu baheula ditinggalkeun. Tapi lamun aing ngaku yén ieu téh indung bapa aing, beu nya rék disimpen di mana ieu beungeut. Meureun ceuk batur téh, Dalem anu majar ménak, horéng anak jalma susah ti lembur. Cilaka!”

Ari Si Aki jeung Si Nini, barang nempo raray Dalem Boncél, geus teu sak deui, mun éta teh enya anakna. Nu matak, Si Nini langsung ngarontok,

“Ujaaang, anak Ema!”

Tapi sakilat Dalem Boncél ngagiwar. Pokna teugeug, “Héh Nini, Aki, nya saha maranéh téh? Wani-wani rék ngarontok déwék? Déwék téh dalem, nyaho!”

Si Aki jeung Si Nini colohok, teu sangka dalem rék kasar kitu.

Pok Si Aki nyarita leuleuy, “Kasép. Sanajan Bapa lila teu panggih, da asa moal kapalingan tetempoan, mun hidep téh putra Bapa jeung Ema!”

Dalem Boncél ngarérét ka pangiringna anu colohok mata simeuteun. Harga dirina asa dihina. Pokna sugal, “Aki, di mana teuing aya dalem boga kolot sangsara modél maranéh. Ayeuna indit, indiiiitt! Teu sudi aing boga kolot kawas aranjeun!”

Bari nalangsa, Si Aki jeung Si Nini ninggalkeun padaleman. Rét deui rét deui ka Dalem Boncél, nu ngabedega nulak cangkéng. Duka ngaléos ka mana Si Aki jeung Si Nini téh, da ku Dalem Boncél teu dipaliré deui.

Meureun asa kalepasan omong, ti poé ka poé Dalem Boncél jadi loba nguyung. Awakna beuki begung, da kana barang dahar ogé kurang. Antukna brek gering, diriung-riung ku para pangiring. Tina kulitna, bijil késrék, nyaksrak ka saawak-awak jeung ateul kabina-bina. Waktu geringna beuki parna, taya deui nu disambat iwal indung jeung bapana, anu boa aya di mana. “Ema, Bapa, abdi hampura...!”

Subscribe to receive free email updates:

1 Komentar untuk "Dalem Boncel"