Sisindiran Silihasih Paparikan

Ieu di handap conto-conto sisindiran nu eusina silihasih wangunna paparikan!
Geura tengetan sing gemet sisindiran silihasih paparikan!

Leumeung teundeut cocongoan
dibawa ka Rajagaluh
meungpeung deukeut sosonoan
jaga mah urang pajauh

Korek api meuni hideung
Disimpen dina kiara
Poék-poék abdi ludeung,
Ngabélaan kasalira

Aya kujang aya linggis
Tuh dina korang neundeunna
Aya mojang meuni geulis
Aya harang na gadona

Kuring erek dahar leupeut
Deungeunna paria jeung kol
Supaya leuwih deukeut
Hayu urang video call

Sisindiran silihasih paparikan anu sejena.

Aya ronda mawa linggis
Dicepeng lebah gagangna
Aya randa meuni geulis
Tapi teu terang namina

Saninten sareng pagoda
Dicandak ku abah Diran
Punten abdi teu ngagoda
Tapi ukur sisindiran

Cau ambon dikorangan,
Kanyéré kapipir-pipir.
Lalaki ambon sorangan,
Awéwé teu mikir-mikir

Majar manéh nganyam samak,
Neukteukan bari motongan.
Majar manéh néang anak,
Ngadeukeutan popotongan

Nu ieu ogé sisindiran silihasih paparikan

Sabuk beubeur geura piceun,
gantian ku sutra baé.
Anu heubeul geura piceun,
gantian ku abdi baé

Ciung lain kérak lain,
Japati belang jangjangna.
Sieun lain éra lain,
éra sotéh ku bapana

Dagang seureuh papatungan,
Cangkaléng laku sasiki.
Euleuh itu popotongan,
Dikaléng ku aki-aki

September bulan agustus
Oktober mah loba kosong
Abdi bogoh ka kang Agus
Hanjakal kantongna kosong

Cag! dugi kadieu baé heula sisindiran silihasih paparikan anu tiasa dipidangkeun.
Wasalam.

Subscribe to receive free email updates:

5 Komentar untuk "Sisindiran Silihasih Paparikan"

  1. meser cau ka mang hana
    meser pulpen ka mang nana
    nu kasep kabina-bina
    awewe dimana-mnw

    ReplyDelete
  2. sapanjang jalan cipulus
    di papaes ku ermawar
    sapanjang urang can lulus
    ulah rek eureun d ajar

    ReplyDelete
  3. Kamana jalan ka jogja
    Kaditu ka palih wetan
    Kamana jalan ka surga
    Kaditu kapangaosan
    (XIITSM)

    ReplyDelete
  4. Abdulsunandar12tsm_smkdarussalamMonday, December 11, 2017 at 9:13:00 AM GMT+7

    Ngala tutut ka talaga
    Alat na pacul ayakan
    Kitu patut hayang sorga
    Solat na oge jarang pan?

    ReplyDelete
  5. @Muhsin rabani

    Mak itu tarasi tutung
    Keun ke cuang dibalikeun
    Mak si Ruswandi keur pundung
    Keun ke cuang dikawinkeun

    ReplyDelete