Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8

carasunda.com- Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda SMP/MTs Semester Ganjil.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMP atanapi MTs.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda anu tos ditetepkeun.
Conto Soalna sapertos kieu :

SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMP/MTs SEMESTER 1
   
Mata Pelajaran     : Bahasa Sunda
Kelas/Semester    : VIII (Delapan)/1 (Ganjil)

Pilih jawaban nu pangbenerna!
Baca kawih ieu di handap!
Pahlawan Toha
1)    Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

2)    Nyatana pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri

3)    Tarate nu mangkak
Ligar di empang
Jadi bukti gugurna
Pahlawan bangsa

1.    Tema kawih Pahlawan Toha  di luhur nyaritakeun ngeunaan….
a.    Sumanget Muhamad Toha                c. Perjoangan Muhamad Toha
b.    Kawani Muhamad Toha                d. Jasa Muhamad Toha

2.    Nilik kana eusina, kawih di luhur kaasuk kana kawih….
a.    Pejoangan                        c. Silih Asih
b.    Pupujian                        d. Atikan

3.    Kawih Pahlawan Toha di luhur diwangun ku…..
a.    2 pada                            c. 4 pada
b.    3 pada                            d. 5 pada

4.    Unggal pada dina kawih di luhur diwangun ku…..
a.    3 padalisan                        c. 5 padalisan
b.    4 padalisan                        d. 6 padalisan

5.    Kawih Pahlawan Toha mangrupakeun pangeling-ngeling kana kajadian….
a.    Bandung Selatan                    c. Kamerdekaan RI
b.    Bandung Lautan Api                    d. Pajoangan Pahlawan Toha

6.    Dina pada ka hiji Kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan…
a.    Wapatna Muhamad Toha                c. Asal usul Pahlawan Toha
b.    Jasa Muhamad Toha                    d. Sumanget Pahlawan Toha

7.    Nu kaasup kalimah transitif di handap ieu nyaeta….
a.    Barudak keur lalumpatan                c. Dadan tumpak kuda
b.    Nina keur ngahariring di kamar mandai        d. Si Engkus ngajerit

8.    Di handap ieu mana anu kaasup kalimah intransitif?
a.    Manehna meuli sapatu                c. Udin nutupkeun panto
b.    Beurit diundag anjing                    d. Hayam jago kongkorongok

Baca sempalan sajak di handap ieu!

Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman

9.    Dumasar sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak the hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan….
a.    Kayaan tanah sunda nu endah, tapi henteu tengtrem tur loba ancaman
b.    Kaayaan tanah sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun
c.    Kaayaan pagunungan anu hejo lembok
d.    Kaayaan alam sunda anu geus ruksak ku polusi

10.    Gagasan pokok anu rek ditepikeun ku panyajak ka nu maca disebut….
a.    Jejer atawa tema                    c. Rasa
b.    Nada jeung suasana                    d. Amanat

11.    Sajak ka asup kana karya sastra sunda dina wangun….
a.    Lancaran                        c. Prosa liris
b.    Prosa                            d. Ugeran

12.    Ieu dihandap mana kalimah anu ngandung harti konotatif ?
a.    Pulisi keur mincing bangsat supaya kaluar tina panyumputanana
b.    Tadi balik sakola Nanang nincak tai kuda
c.    Neng Rani keur ngala jambu di buruan imahna
d.    Mang Ahmad  keur biantara di hareupeun murid-murid kelas VIII

13.    Kecap aringkah ngandung harti….
a.    Arindit                        c. Tatahar
b.    Caricing                         d. Bebeja

14.    Ungkara anu biasa dipake dina sajak teh biasana mibanda harti konotatif (kiasan). Harti konotatif nyaeta….
a.    Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksud, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen
b.    Harti anu sajalantrahna ditepikeun ku pangarang ka nu maca sajak
c.    Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksud, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen
d.    Harti anu mibanda harti lega tur hese ditafsirkeunana

15.    Sisindiran teh kaasup kana karya sastra   Sunda wangun….
a.    Drama                            c. Prosa liris
b.    Prosa                             d. Puisi

16.    Dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sok disebut…
a.    Cerpen                            c. Pantun
b.    Prosa                             d. Puisi

17.    Dumasar kana wangunna, sisindiran kabagi jadi tilu golongan, nyaeta….
a.    Paparikan, rarakita, jeung tatarucingan       
b.    Tatarucingan, wawangsalan, jeung teteguhan
c.    Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan
d.    Silih asih, piwuruk, jeung sesebred

18.    Dumasar kana eusina sisindiran teh aya nu piwuruk, silih asih jeung….
a.    Sesebred                        c. Rarakitan
b.    Paparikan                         d. Wawangsalan

Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
……………………………
……………………………
19.    Eusi anu merenah pikeun ngalengkepan cangkang sisindiran di luhur ….
a.    Pangarti teu beurat nanggung            c. Nyaahna indung ka anak
Tapi mangpaatna manjang                    mun disakolakeun ka Bandung
b.    Nu ngarti jalan di Bandung                d. Mihormat ka Indung Bapa
Ciri jalma loba pangarti                    Tangtu dipiasih Gusti

Kararasan sayang galatik
Diwadahan kana kantong
Rarasaan jangkung leutik
Awak badag siga gentong

20.    Sisindiran di luhur teh eusina…
a.    Silih asih                        c. Sesebred
b.    Piwuruk                         d. Pikasebeleun

21.    Mun ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur teh kaasup kana….
a.    Rarakitan                         c. Wawangsalan
b.    Paparikan                        d. Sesebred

Teu beunang di piring leutik
Teu beunang di pika isin
22.    Wawangsalan di luhur teh wangsalna…
a.    Tatakan                        c. Baki
b.    Pisin                            d. Talenan

23.    Wawangsalan di handap anu wangsalna reungit nyaeta…
a.    Langir cai leumpang ngijing
Kadeuleu kayap-keyepna
b.    Laleur leutik hama raga
Liarna sakolong langit
c.    Laleur hideung panyeureudan
Kilang bara urang jadi
d.    Manuk lisung anu jalu
Dagoan di pasampangan

24.    Jalma anu …. mah moal puguh tempat cicingna da pundah-pindah wae.
a.    Ipis biwir                        c. Hejo tihang
b.    Heuras genggerong                    d. Heuras beuheung

25.    Ari nyarita teh anggeuskeun atuh,…..yeuh!
a.    Gantung huntu                        c. Gantung denge
b.    Panas ceuli                         d. Tiis ceuli

26.    Babasan nu hartina “babari ambek atawa teu sabaran” nyaeta….
a.    Atah warah                    c. Getas harupateun
b.    Hampang birit                    d. Galegeh gado

27.    Cing, pangasupkeun bola kana jarum, ku Ema mah teu katempo.
Kecap rundayan pangasupkeun dina kalimah di luhur kaasup kana kecap…..
a.    Kecap kayaan                    c. Kecap pagawean
b.    Kecap sifat                    d. Kecap barang
28.    “Erna keur nulis”
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah salancar….
a.    Inti                        c. Jembar
b.    Basajan                    d. Umum

29.    Ungkara anu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan disebut gaya basa….
a.    Lalandihan                    c. Ngasor
b.    Sindir                         d. Rarhulan

30.    “Kawas bueuk meunang mabuk si Udin teh, paingan aya bapana”.
Kalimah di luhur make gaya basa….
a.    Ngumpamakeun                 c. Lalandihan
b.    Mijalma                     d. Ocon

31.    “Ti tatadi ditempo teh manehmah kawas anjing tutung buntut”. Kawas anjing tutung buntuk hartina….
a.    Nyeri bujurna                     c. Teu daek cicing
b.    Buntutna tutung                d. Pundah-pindah wae

32.    Jalma anu mingpin diskusi disebut….
a.    Girang serat                    c. Pamilon
b.    Panumbu catur                 d. Panyatur

33.    Salah sahiji sarat jadi panumbu catur anu kudu kapibanda nyaeta…
a.    Parigel make baju anu laus sangkan dipikaresep pamilon
b.    Capetang nyarita ngagunakeun basa Sunda anu merenah
c.    Bisa nyarekan pamilon sejen anu teu sapaham
d.    Kudu bisa nyatetkeun hal-hal penting dina sawala

34.    Dina sawala aya jalma anu tugasna nyatetkeun atawa ngarekam hal-hal anu disawalakeun….
a.    Girang serat                    c. Pamilon
b.    Panumbu catur                 d. Panyatur

35.    “Tawis kabingah manga urang sami tutup ieu sawala ku ngedalkeun hamdalah!”
Ungkara diluhur biasana diucapkeun ku panumbu catur dina…..sawala.
a.    Bubuka                    c. Panutup
b.    Eusi                         d. Kacindekan

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.
Pamugia Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 ieu mangfaat.

Subscribe to receive free email updates:

2 Komentar untuk "Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8"