Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas X Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban

carasunda.com- Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas X Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban


Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas X Kurikulum 2013 Taun Pelajaran 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Kenaikan Kelas (UKK)/Penilaian Akhir Tahun (PAT) Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Semester Genap. 

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas X Kurikulum 2013 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK. 

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas X Kurikulum 2013 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UKK/PAT Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2018-2019 anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun. 

Conto Soalna sapertos kieu :

Baca guguritan ieu di handap!

Néléngnéngkung asih indung 
nu ngayuga beurang peuting 
beurang  dijaga kamelang 
peuting dijaring kaéling 
muga manjang dina beurang
muga éling dina peuting

1. Mun nilik pola padana, engangna, jeung sora tungtung baris-baris panungtungna, éta guguritan téh dikarang maké pola pupuh naon? 
a. Kinanti
b. Sinom
c. Maskumambang
d. Asmarandana
e. Balakbak

2. Pupuh Sinom ngabogaan pola pada, engang, jeung sora padalisan-padalisan panungtungna, nyaéta….  
a. 8i, 8a, 8é/o, 8a, 7a, 8u, 8a
b. 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a
c. 8a, 11i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i
d. 12u, 6a, 8i/o,12a
e. 12u, 8i, 8u, 8i, 8o

3. Watek pupuh Asmarandana nyaéta…..
a. Nganti-nganti
b. Banyol, Heureuy
c. Kasmaran, Silihasih
d. Agung, Agem
e. Senang, Gumbira

aya lumut dina batu,
aya kuya di muara.
Kedah tumut kana waktu,
di dunya urang ngumbara

4. Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun....
a. Rarakitan
b. Wawangsalan
c. Guguritan
d. Paparikan
e. Rarakitan jeung Paparikan

5. Mun ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana...
a. Silihasih
b. Banyol
c. Hereuy
d. Sésébréd
e. Piwuruk

6. Gedong ngambang di sagara
Ulah kapalang nyabela
Wangsalana…..
a. berang
b. béla
c. layar
d. caang
e. kapal

7. Judul buku kumpulan carpon nu di karang ku Yus Rusyana nyaéta….
a. Halimun Peuting
b. Jajatén Ninggang Papastén
c. Awéwé Dulang Tinandé
d. Geus Surup Bulan Purnama
e. Serat Sarwasastra

8. Buku kumpulan carpon nu judulna “Serat Sarwasastra” di karang ku….
a. Yus Rusyana
b. Caraka
c. Godi Suwarna
d. Darpan
e. Rukmana HS

Kuburan

Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.

“Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun.

“Saban Aki ka dieu, kaleresan aya wéh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dén?” saur Aki Uki bari ngalémétan réméh. Nu dialem akonakon teu ngadangu. Kalah tumaros.

“Aya naon, Ki? Tambihan deui?”

“Tos cekap, Dén,” saur Aki Uki. “Biasa wé, Dén, Aki téh peryogi ku padamelan. Da kedah neda geuning Aki téh yeuh!”

“Ki, kanggo neda nyaliraeun mah, ka dieu wé. Teu kedah barangdamel sagala.”

“Sanés nampik kana pangangken, Radén. Aki mah hoyong kénging ngésang wé.”

“Teu langkung Aki, upami kitu mah. Padamelan naon, nya? Euh, itu wé, Ki, kuburan téa kali deui. Teu aya nu sanés deui mah!”

“Kutan?” saur Aki Uki héran.

9. Kumaha pasifatan Dén Haji Darmawan nu kagambar dina sempalan carpon di luhur?
a. Pelit
b. Béréhan
c. Sombong
d. Daékan 
e. Loba nyarita

10. Rék naon Aki Uki nganjang ka bumina Dén Haji Darmawan?
a. Ménta dahar
b. Ménta duit
c. Ménta pagawéan
d. Ménta kuburan
e. Ménta bako

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!

Mangga klik kanggo ngadownloadna. 


Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Pamugia Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas X Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban Taun Pangajaran 2018-2019 ieu mangfaat kanggo sadayana. 

Subscribe to receive free email updates:

1 Komentar untuk "Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas X Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban"