Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9

carasunda.com- Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda SMP/MTs Semester Ganjil.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMP atanapi MTs.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda anu tos ditetepkeun.
Conto Soalna sapertos kieu :

SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMP/MTs


Mata Pelajaran     : Bahasa Sunda
Kelas/ Semester     : IX (Sembilan)/1 (Ganjil)

Pilih jawaban nu pangbenerna!
Baca sempalan hutbah ieu di handap!
Parahadirin Kaum Muslimin !
Saparantos muji ka hadirat illahi robbi, solawat sareng salam mugia ginulur ka jungjunan urang sadaya nyatana Nabi Muhammad SAW. Katut kulawargana, sahabatna, paratabi-in dugi ka yaumiddin.
Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka hadirin rohimakumulloh, sumangga urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di dunya sareng aherat.
Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh.
Manusa aya hargana lamun miboga élmu sanajan miskin. Kitu deui manusa jadi terhormat lantaran boga élmu. Lamun teu boga élmu, naon hargana hirup urang, sabab henteu aya bédana jeung sato.
Imam Syafi’i ngadawuh : “Hirup manusa atawa hiji pamuda, nyaéta ku elmu jeung taqwa.”
Lamun élmu jeung taqwa teu aya dina  diri manusa, mangka hirupna moal aya hartina. Kukituna hayu urang tungtut élmu. Sing  getol hadir di majlis élmu.
Seueur pisan ganjaranana pikeun jalmi nu resep nungtut élmu. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina haditsna:
“Diukna anjeun dina majlis élmu sanajan sakeudeung, sanajan teu nyabak kalam-kalam acan, sanajan teu nulis sahurup-hurup acan, maka éta geus leuwih hadé tibatan ngamedikakeun sarébu budak beulian.”

1.    Manusa bakal luhur darajatna dina pandangan Alloh lamun….
a.    loba elmu                c. luhur pangkat
b.    loba harta                d. gede kawani

2.    Akibat jalma lamun teu boga elmu nyaeta….
a.    hirup moal aya hartina        c. miskin harta
b.    teu boga wibawa            d. dihina kupapada jalma

3.    Nu ditepikeun ku khotib dina paragraph kadua tina hutbah di luhur nyaeta….
a.    ngawilujengkeun            c. menta dihampura
b.    wasiat takwa                d. maca hadits

4.    Nurutkeun hutbah di luhur, kudu kumaha lamun urang hayang loba elmu….
a.    teu kudu sakola            c. daek hadir ka majlis elmu
b.    sering meuli koran            d. sering maca status facebook

5.    Hotib nepikeun wasiat takwa tur nasehat pikeun ngaronjatkeun kaimanan, ayana dina bagean….
a.    bubuka hutbah                c. panutup hutbah
b.    eusi hutbah                d. amanat hutbah

6.    Ieu dihandap aya kalimah anu ngandung istilah kaagamaan, nyaeta….
a.    Mang Soleh keur macul di sawah
b.    Jalma takwa bakal asup kana sawarga
c.    Iraha rek digawe ka arab teh?
d.    Mun panggih engke disalamkeun

7.    Ieu di handap kekecapan anu asalna tina bahasa arab, iwal….
a.    naraka                    c. puasa
b.    surga                    d. solat

8.    Langit angkeub, mega mani hideung, ……rek hujan gede.
a.    percaya                c. pertanda
b.    pertela                     d. perbawa

9.    Sing…..atuh nyarita teh, ngarah kaharti ku batur!
a.    percaya                c. pertanda
b.    pertela                 d. perbawa

10.    Imah mang Udira mah nu itu, ….. ka jalan gede.
a.    nyahulu                c. nyanghareup
b.    nyahirah                 d. sanghareup

11.    surat anu ditulisna ku salasaurang jalma tur dikirimna ka jalma lianna disebut surat….
a.    resmi                    c. uleman
b.    pribadi                    d. dines

12.    surat anu dikirimkeun tihiji jawatan atawa instansi ka hiji jalma atawa ka jawatan/instansi deui di sebut surat…..
a.    resmi                    c. uleman
b.    pribadi                    d. dines

13.    Bagean surat anu netelakeun ka saha jeung ka mana ditujulkeunana surat disebut….
a.    alamat surat                c. titimangsa surat
b.    bubuka surat                d. panutup surat

14.    Nuliskeun titimangsa surat anu bener teh….
a.    Bandung, 20 Januari 18        c. Bandung, 16 Juli 2018
b.    Bandung 11 Januari 18        d. Bandung: 21 Juni 2018
15.    Sakitu serat anu tiasa kasanggakeun, kana samukawis perhatosanana simkuring ngahaturkeun sewu nuhun.
Di luhur teh sempalan tina surat bagean….
a.    bubuka                    c. titimangsa
b.    eusi                    d. panutup

16.    Urang teh kudu hade kanu jadi indung, sabab induh teh sumber kamulyaan nu jadi anak. Ceuk paribasa oge…..
a.    Mipit kudu amit ngala kudu bebeja
b.    Mihape hayam ka heulang
c.    Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat
d.    Buruk-buruk papan jati

17.    Ujang ulah….ngaheulakeun legeg, roroyalan siga nu geus boga pangala wae!
a.    Agul ku payung butut
b.    Ranggah memeh tandukan
c.    Batok bulu eusi madu
d.    Pacikrak ngalawan merak

18.    Boga duit sautak saeutik teh tabungkeun, sing bisa….atuh ulah jajan bae.
a.    Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
b.    Ngeureut nendeun
c.    Mipit kudu amit ngala kudu bebeja
d.    Neukteuk curuk dina tuur

Baca rumpaka tembang ieu di handap keur ngeusian nomor 19-21
(1)    Ditanya the duka teuing
Teuing jeung teuing walonna
Abong-abong bangkar warah
Tingkahna tuna sakola
Kumaha lamun geus kitu
Palias kabarerangan

(2)    Demi anu luhur budi
Ajrih taya papadana
Someah tara jumago
Teu adigung adigungna
Dipikaresep balarea
Nu kitu kudu ditiru
Turutan laku lampahna

19.    Dina rumpaka pada ka hiji, saha nu ditanya teu bisa ngajawab teh?
a.    Jalma nu teu tuhu kana aturan
b.    Jalma nu tuna sakola
c.    Jalma nu getol sakola
d.    Jalma nu dipikaresep balarea
20.    Ciri-ciri jalma anu luhur budi teh, iwal….
a.    Ajrih                    c. tara jumago
b.    Someah                 d. balaga

21.    Kalakuan nu kumaha anu kudu ditiru sangkan dipikaresep balarea teh?
a.    Ulah getol teuing diajar
b.    Ulah adigung-adigungna
c.    Ulah loba nyarita
d.    Ulah loba teuing ulin

22.    Resep ka Neng Wulan mah sanajan beunghar oge henteu…
a.    Amis daging                c. panjang leungeun
b.    Hejo tihang                d. gede hulu

23.    Jang soleh mah …… teu kaop ka keureut sok jadi borok.
a.    Amis daging                c. amis budi
b.    Hejo tihang                d. pait daging

24.    Tah kitu jadi budak mah kudu…..mun dititah ulah hararese.
a.    Beurat birit                c. hampang birit
b.    Hampang leungeun            d. leuleus awak

Baca sempalan sajak ieu di handap!
Ciibun na tonggong daun
Hiliwir angin ngusapan pipi kemang
Sesa hujan peuting ngagenclang  diburuan
…...
25.    Kecap ngagenclang dina sajak di luhur nuduhkeun kaayaan warna….
a.    Bodas                    c. herang
b.    Koneng                 d. hideung

26.    Sajak teh salah sahiji karya sastra Sunda dina wangun…
a.    Lancaran                c. prosa
b.    Drama                    d. ugeran

27.    Waktu gelarna sajak dina kasusastraan Sunda teh nyaeta….
a.    Jaman Walanda            c. Samemeh Merdeka
b.    Jaman Jepang                d. Sabada Merdeka

28.    Pangarang Sunda nu munggaran ngarang sajak dina taun 1946 teh nyaeta…
a.    Ajip Rosidi                c. Godi Suwarna
b.    Wahyu Wibisana            d. Kis W.S.

29.    Buku kumpulan sajak karya Sayudi anu medal dina taun 1963 teh judulna….
a.    Lalaki di Tegal Pati            c. Gondewa
b.    Jante Arkidam                d. Jiwalupat
30.    Unsur sajak nu mangrupa gagasan poko anu rek ditepikeun ku panyajak ka nu maca disebut….
a.    Jejer                    c. suasana
b.    Nada                     d. amanat

31.    Sawatara hal anu kudu diperhatikeun ku urang lamun rek ngagalantangkeun sajak, iwal…..
a.    Ngapalkeun heula naskah sajak nu rek digalantangkeun
b.    Ngalenyepan eusi sajak nu rek digalantangkeun
c.    Maca sajak kudu bentes, ulah asa-asa
d.    Memeh maca sajak kudu dangdan heula

32.    Mana kalimah di handap ieu anu ngagunakeun gaya basa mijalma?
a.    Neng Zahra teh jadi kembang desa Margamukti
b.    Pun Aki mah tos tujuh taun ngantunkeun
c.    Ah lumayan bae keur nambahan jajan budak
d.    Mobil teh meuni gegerungan bakating ku nanjak

33.    Mangga atuh diraosan da abdimah teu gaduh nanaon!
Eta kalimah ngagunakeun gaya basa….
a.    Mijalma                c. Ngasor
b.    Rautan                 d. Sindir

34.    Matana neuteup seukeut, geus kitu tuluy nyarita antare pisan.
Kecap seukeut dina kalimah di luhur mibanda harti….
a.    Denotatif                c. konotatif
b.    Derivatif                 d. sumatif

35.    Mana kalimah anu mibanda harti denotatif di handap ieu?
a.    Geura dicangcang atuh, bisi kaburu dikawin batur.
b.    Kudu bisa ngala bati atuh lamun dagang hayang maju mah.
c.    Neng Tanti mah bentang lembur Cisompet.
d.    Kang Kodir keur ngala lauk di balong.

Pamugia Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 ieu mangfaat. 

Kanggo soal nu lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Subscribe to receive free email updates:

5 Komentar untuk "Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 "