Sisindiran Urang Sunda : Silihasih

Ka basisir pelesiran
Pelesiran jeung nyi randa
Hayu urang sisindiran
Sisindiran Urang Sunda

Cikaracak ninggal batu
laun-laun jadi legok
Lamun rek neangan mantu
Cenah hayang kanu denok

Kuring dahar arumanis
Arumanis nu kamari
Saha itu anu geulis
Singhoreng kabogoh abdi

Abdi calik dina bangku
Bangkuna coklat warnana
Euleuh akang ngaku-ngaku
Kenal ge karek ayeuna

Ka Bandung ka Rancaekek
Ka Sumedang meuli tahu
Lamun enya nyai daek
Hayu urang ka panghulu

Ka Sumedang meuli tahu
Geuning tahu rasa amis
Abdi kersa ka panghulu
Tapi sareng akang Kumis

Kang kumis meuni kilimis
Kilimis ku cai hujan
Deudeuh teuing anu geulis
Kang Kumis atos buntutan

Ka warung rek meuli toge
Tapi teu aya artosna
Wios ah buntutan oge
Nu penting seueur artosna

Buah sirsak buah salak
Dirujak jeung jambu mede
Pantesan akang ditolak
Singhoreng nyai teh matre

Subscribe to receive free email updates:

14 Komentar untuk "Sisindiran Urang Sunda : Silihasih"

  1. Kuring dahar arumanis
    Arumanis nu kamari
    Saha itu anu gelis
    Singhoreng kabogoh abdi

    ReplyDelete
  2. Sanaos ka haur gerah
    Abdimah resep ka pitrah
    Sanaos nu geulis teh sarah
    Abdimah resep ka fitriah

    ReplyDelete
  3. Jalan jalan ka sumedang
    Balik na rek mawa tahu
    Abi bogoh ka si ganteng
    Tapi abi nuju payu

    ReplyDelete
  4. Ulah loba dahar peuteuy
    Ngala awi ngan sabuku
    Barudak ulah loba heureuy
    Sok geura baruka buku

    ReplyDelete
  5. Desi Fitriyani

    Hoyong teuing buah gedang,
    Ngalana tinu ma wati.
    Hoyong teuing kanu gandang,
    Nu rek sehidup semati.

    Lauk hurang ditiiran,
    Dicandakna ku mang ahim.
    Hoyong teuing sasarengan,
    Sareng nu geulis ti Jahim.

    Itu saha nuntun munding,
    Di gantelan sapu tangan.
    Itu saha anu ginding,
    Sihoreng panutan kuring.

    Mang Ahim ti haur geulis,
    Hanjalak euweuh kaboga.
    Urang jahim emang geulis,
    Hanjakal aya nu boga.

    Melak cikur teu di oyos,
    Jadi soteh ka hujanan.
    Jadi sukur teu sawios,
    Tadi nage susuganan.

    Hayu ngala cocongoan,
    jaga urang ngala suluh.
    hayu urang sosonoan,
    Jaga urang bakal jauh.

    Kaso pondok kaso panjang,
    Kaso ngaroyom ka jalan.
    Sono mondok sono nganjang,
    Sono pependak di jalan.

    Hayang teuing rujak hiris,
    tapi teu boga tangkalna.
    Hayang teuing ka nu geulis,
    ngan sieun ku nu bogana.

    Abdi bade meser leupeut,
    Sakantenan sareng jengkol.
    Lamun urang sok padeukeut,
    Kade bisi hate nyantol.

    Hideung deui hideung deui,
    Hideung cai kolomberan.
    Nineung deui nineung deui,
    Bari abi gogoleran.

    Abdimah resep nu hideung,
    Tapi kade ulah pundung.
    Saha anu dipitineung,
    Boa-boa urang Bandung😁

    Nyandak leunca ti cibeureum,
    dipasihan sareng hiris.
    Soca teu tiasa peureum,
    Emut wae ka nu geulis.

    Kamana ngaitkeun kincir,
    Ka kaler ka tojo bulan.
    Kamana ngaitkeun pikir,
    Henteu paler ku sabulan.

    Abdi mah alim ka Bandung,
    hoyong ka Sumedang waé.
    Abdi mah da alim nyandung,
    hoyong na ka eneng wae.

    Wassalam
    #DesiFitriyani
    #XTkj

    ReplyDelete
    Replies
    1. Mang Ahim rek ngala hiris
      Ngala hiris na tangkalna
      Urang jahim memang geulis
      Neng Desi eta namina

      heuheuy...

      Delete
  6. Intan yulianti

    Aya meri dina rakit
    boboko wadah bakatul
    lain nyeuri ku panyakit
    Kabogoh di rebut batur

    ReplyDelete
    Replies
    1. Ka pasar indit sorangan
      Meuli duku jeung rambutan
      Duh isin ngaku bujangan
      Da katingal tos rimbitan

      Delete
  7. Siti nurlaeli
    Kelas 10 tkj

    Abdi ameng ka imahna
    Sacan mangkat tuang heula
    Abdi bogoh ka manehna
    Nyimpen rasa ti baheula

    ReplyDelete
  8. Ruswandi

    Jalan-jalan ka cibangkok
    Nincek awi pak beletok
    Di ubaran na ku mangkok
    Di ambuan bau bekok.

    ReplyDelete
  9. Nuraeni
    X Tkj

    Kemis-kemis jum'at sabtu,
    Unggal bulan langlayangan.
    Gelis-gelis ulah kitu,
    Unggal bujang di layanan.

    ReplyDelete
  10. Siti Nurnayati

    Jalan jalan ka ciamis
    Manggih tahu dijalanna
    Jalan jalan kanu geulis
    Manggih awewe didinya

    ReplyDelete
  11. @Dani

    Jalan jalan kacimpek
    Nincek awi pakbeletek
    Di uburan ku paramek
    Di ambuan bau peyek

    ReplyDelete
  12. Desi Indriyani
    X Tkj

    Abdi ameng ka si vina
    Balikna sareng si nana
    Abdi rindu ka manehna
    Iraha atuh panggihna

    Jalan jalan poe kemis
    Ngalewat jalan panjalu
    Eta eneng anu gelis
    Saur sim kuring I love You

    ReplyDelete