Cara Sunda : Sisindiran Keur Barudak Sakola



Pelesiran numpak kuda
Ngaliwatan kanu bala
Sisindiran asli sunda
Warisan kolot baheula

Mang Yaya rék ka Talaga
Ka Talaga ngala kuya
Budaya kudu dijaga
Jaga ku urang sadaya

Campedak asak luarna
Dibeulah maké ragaji
Barudak jaman ayeuna
Geus gedé can bisa ngaji

Ka pasar poé kamari
Meuli sayuran jeung témpé
Budak sakola kiwari
Karesepna ngomé hapé

Buah duku meunang nimu
Katimu ti kolong bangku
Laum hayang loba élmu
Kudu resep maca buku

Cika-cika hurung mancur
Caangna lebah badana
Cita-cita mah insinyur
Fisika butut peunteuna




Subscribe to receive free email updates:

5 Komentar untuk "Cara Sunda : Sisindiran Keur Barudak Sakola"

  1. Si andri putra mang yana
    Boga hape boga motor
    Abong kids jaman ayeuna
    Mbung cape mbung kotor
    .
    .rijal XII TSM

    ReplyDelete
  2. Ka cikijing jeung mang nana
    Balikna mawa awewe
    Barudak jaman ayeuna
    Loba omong eutik gawe

    ReplyDelete
  3. Mun erek meuli sorabi
    Pasti make eusi dompet
    Mun erek ulin jeung abdi
    Kudu kandel eusi dompet

    ReplyDelete
  4. Lamun hayang eusi nangka
    Kudu daek ngabeulaha
    mun embung asup naraka
    Kudu getol ibadahna

    ReplyDelete
  5. Aya hp aya casan
    Ngan hanjakalna di sandi
    Aya budak kasep pisan
    Ngan hanjakal tara mandi

    ReplyDelete